mrlodaya@gmail.com
اَلْكَلَامُ
اَلْكَلَامُ
(BAB KALAM)
Kalam menurut bahasa Arab nyaeta gabungan tina dua kalimat atawa leuwih. Sedengken kalimat dina bahasa Arab sarua jeung kata dina bahasa Indonesia. Jadi kalam dina bahasa Arab sarua jeung kalimat dina bahasa Indonesia.
Patokan Kalam:
مَجْتَمَعَ فِيْهِ قُيُوْدُ الْأَرْبََعَةِ
Kalam teh nyaeta: kudu kumpul qayid (kaedah) anu opat.
Conto: قَاْمَ زَيْدٌ . anu hartina: "ges nangtung ki Zaed".
Dina conto diluruhur jelas, bahwa lapad قَاْمَ زَيْدٌ teh mangrupaken kalam.
Patokan Lafad:
اَلْلَفْظُ هُوَ اَلصَّوْتُ الْمُشْتَمِلُ عَلَى بَعْضِ الْحُرُوْفِ الْهِجَائِيَّةِ
Sora anu ngurung kana sapalih huruf Hijaiyah.
Conto: قَاْلَ . anu hartina "ngucap". Jelas dina conto ieu (قَالَ) disebud lapad sabab cumpon syarat lapad, nyaeta kudu dibentuk tina sabagian huruf hujaiyah anu digabungkeun, hurupna nyaeta qof, alif, jeung lam.
Patokan Murokkab:
اَلْمُرَكَبُ هُوَ مَا تَرَكَبَ مِنْ كَلِمَتَيْنِ فَأَكْثَرَ
Kumpulna dua kalimat atawa lewih lob.
Conto: جَاْءَ زَيْدٌ. Anu hartina "geus datang ki Zaed". Dina lapad جَاْءَ زَيْدٌ. Aya dua kalimat nyaeta جَاْءَ jeng زَيْدٌ, jadi lapad جَاْءَ زَيْدٌ disebut murokkab, sabab mangrupakan dua kalimat anu ngahiji.
Patokan Mufid:
اَلْمُفِيْدُ هُوَ مَاْ أَفَادَ فَائِدَةً يَحْسُنُ سُكُوْتُ مِنَ الْمُتَكَلِّمِ وَالسَّامِعِ عَلَيْهَا
Kalimat anu dipahami sehingga henteu timbul pertanyaan tinu ngupingken atawa teu perlu dijelasken deui kunu ngomong.
Conto: زَيْدٌ قَاْئِمٌ. Anu hartina "ari ki Zaed teh eta anu nangtung". Dina conto ieu jelas moal aya pertanyaan deui tinu ngupingken nana, sabab ges jelas (kaharti) kalimatna bahwa ki Zaed teh ker nagtung.
Patokan Wadho':
Sebagian Ulama nerangken Wadha' teh nyaeta caritaan anu dihaja, jadi sapertiken anu ngalindur jeng anu teu ngahaja ngomomg mah te kaasup Wadha'. Tapi sebagain Ulama lain nerangken bahwa Wadha teh Bahasa Arab, jadi salianti bahasa Arab tekaasup Wadha'.
Conto: ذَهَبْتُ إِلَى الْمَسْجِدِ . anu hartina "kuring indit ka Masjid". Dina conto ieu kalimatna bahasa arab bari kedalna secara sadar (nu ngomongna lain nu sare) jadi disebutken wadha'.
Babagian Kalam
bagian kalam aya 3 nyaeta:
1. Isim
2. Fi'il
3. Harf
Patokan Isim nyaeta:
1. Isim
2. Fi'il
3. Harf
Patokan Isim nyaeta:
الإِسْمُ هُوَ: كَلِمَةٌ دَالَتْ عَلَى مَعْنًى فِي نَفْسِهَا وَلَمْ تُقْتَرًا بِزَمَنٍ وَضْعًا.
Kalimat anu ngabogaan makna/harti tanpa dipangaruhan ku barobahna waktu.
Jadi lamun manggihan hiji kalimat anu ngandung makna bari teu katalian ku waktu, eta teh kalimat "Isim". Conto:
زَيْدٌ, اَلْمَدْرَسَةُ, اَلْمَسْجِدُ
Patokan Fi'il nyaeta:
الفِعْلُ هُوَ: كَلِمَةٌ دَالَتْ عَلَى مَعْنًى فِيْ نَفْسِهَا وَاقْتُرِنَتْ بِزَمَنٍ وَضْعًا.
Kalimat anu ngandung makna/harti bari dipangaruhan ku perubahan waktu.
Jadi, lamun manggihan hiji kalimat anu ngandung harti bari aya hubungana jeung perubahan waktu, eta teh kalimat "fi'il". Conto:
قَالَ, قَامَ, يَقُوْلُ, يَقُوْمُ
Patokan Harf nyaeta:
اَلْحَرْفُ هُوَ: كَلِمَةٌ دَلَتْ عَلَى مَعْنًى فِي غَيْرِهَا.
Kalimat anu teu ngabogaan harti, (tapi bias mertelaken kana harti kalimat anu dibarenganana).
Jadi, lamun aya kalimat anu napel kana kalimat sejen, eta disebutna "harap". Conto:
إِلَى الْمَسْجِدِ, عَلَى شَيْئٍ, مِنَ الْمَدْرَسَةِ
Ciri Isim Jeung Fiil
Ciri Isim
- Jeer Tung-tung (ـِـ). Conto: غُلَامُ زَيْدٍ. Anu hartina "Pembantuna ki Zaed"
Lafad (زَيْدٍ) jadi isim sabab aya ciri isim nyaeta jeer tung-tung.
- Tanwin (ـًـٍـٌـ). Contoh: زَيْدٌ, زَيْدًا, زَيْدٍ
Lamun aya salahsahiji kalimat anu baris tung-tungna tanwin, maka eta kalimat the kalimat isim. Conto: قَاْمَ زَيْدٌ, رَأَيْتُ زَيْدًا, مَرَرْتُ بِزَيْدٍ. Anu hartina "geus nangtung Zaed, kuring ningali Zaed, kuring papaliwat jeung Zaed".
- Alif Lam (الْ). Contoh: اَلْمَسْجِدُ, اَلْكَلَامُ, َالْحُبُّ
Lafad (اَلْمَسْجِدُ, اَلْكَلَامُ, َالْحُبُّ) jadi isim sabab aya salahsahiji ciri isim nyaeta alif lam
Huruf Khofad
- Min (مِنْ). Conto: مَشَيْتُ مِنَ الْبَصْرَةِ. Anu hartina "kuring lempang ti kota Bashroh".
- Ila (إِلَى). Conto: نَظَرْتُ إِلَى السَّمَاءِ. Anu hartina "kuring neteup ka langit".
- 'An (عَنْ). Conto: رَمَيْتُ السَّهْمَ عَنِ الْقَوْسِ. Anu hartina "kuring ngalepasken jamparing tia gondewana"
- 'Ala (عَلَى). Conto: رَكِبْتُ عَلَى الْفَرَسِ. Anu hartina "kuring numpak diatas tonggong kuda".
- Fi (فِي). Conto: اَلْمَاءُ فِي الْكُوْزِ. Anu hartina "cai dina jero cangkir"
- Ruba (رُبَّ). Conto: رُبَّ رَجُلٍ كَرِيْمٍ. Anu hartina "loba lalaki anu kasep".
- Ba (بِ). Conto: مَرَرْتُ بِزَيْدٍ. Anu hartina "kuring papaliwat jeung ki Zaed".
- Kaf (كَ). Conto: زَيْدٌ كَالْبَدْرِ. Anu hartina "ki zaed saperti bulan purnama"
- Lam (لِ). Conto: اَلْمَاْلُ لِزَيْدٍ. Anu hartina "harta milik ki Zaed".
Huruf Kosam
- Wawu (وَاللهِ). Conto: وَاللهِ إِنِّي مُسْلِمٌ. Anu hartina"demi Allah".
- Ba (بِاللهِ). Conto: بِاللهِ إِنِّي مُسْلِمٌ. Anu hartina"demi Allah".
- Ta (تَاللهِ). Conto: تَاللهِ إِنِّي مُسْلِمٌ. Anu hartina"demi Allah".
Ciri Fiil
- Qod (قَدْ). Conto: قَدْ قَامَتِ الصَّلَاةُ. Anu hartina "nyata-nyata Shalat rek dimulai".
- Sin (سَ). Conto: سَأَذْهَبُ إِلَى وَالِدَتِي وَأُخْبِرُهَا. Anu hartina "kuring rek indit ka indung kuring bari jeung ngabejakeun".
- Saufa (سَوْفَ). Conto: سَوْفَ يَقُوْمُ زَيْدٌ. Anu hartina "ki Zaed rek nangtung".
- Ta Muanatsah anu sukun (تْ). Conto: قَامَتْ فَاطِمَةُ. Anu hartina "Fatimah geus nangtung".
بَابُ الإِعْرَابِ
BAB I'ROB (BARIS)
Ieu bab teh nyaeta keur mertelaken baris. Nu dimaksud baris di dieu nyaeta baris tung-tung, sabab baris nu diatur ku ilmu nahwu mah nyaeta baris tung-tung.
Patokan 'I'rob:
الإِعْرَابُ هو: تَغْيِيْرُ أَحْوَالِ أَوَاخِرِ الْكَلِمِ بِسَبَبِ دُخُوْلِ الْعَوَامِلِ الْمُخْتَلِفَةِ.
Barobahna tingkah baris tung-tung dina kalimat, kusabab amil anu beda-beda.
Conto: قَاْمَ زَيْدٌ, رَأَيْتُ زَيْدًا, مَرَرْتُ بِزَيْدٍ. Anu hartina "geus nangtung Zaed, kuring ningali Zaed, kuring papaliwat jeung Zaed".
Lamun urang pernah nguping istilah "Ngerab" nu biasa di bahasakeun ku para santri, tah eta teh asal katana tina "Nga-I'rob" anu hartina naluntik perubahan-perubahan baris-baris dina kalimat, fungsina pikeun nganyahokeun cara maca kalimat khususna "Arab Gundul" jeung piken ngahartikeun nana, sabab kalimat bakal gampang dibaca jeung di hartikeun lamun geus kanyahoan baris jeung jabatana.
Babagian I'rob
Babagian I'rob aya 4 nyaeta:
- Rofa'(ـُـ).
- Nashab (ـَـ).
- Khofad (ـِـ).
- Jazem (ـْـ).
Nu opat diluhur, dibagi kana dua bagian, lamun ceuk matematikamah 4 di bagi 2 hasilna 2 tapi dina Jurumiyah mah tepatna dina bab 'Irob 4 dibagi dua teh hasilna 3. babagian 'Irob ieu bakal di bahas di handap nyaeta:
- Kelompok anu bisa asup kana kalimat isim, nyaeta:
- Rofa'(ـُـ).
- Nashab (ـَـ).
- Khofad (ـِـ).
Conto: جَاءَ زَيْدٌ, رَأَيْتُ زَيْدًا, مَرَرْتُ بِزَيْدٍ.
- Kelompok anu bisa asup kana kalimat fiil, nyaeta:
- Rofa'(ـُـ).
- Nashab (ـَـ).
- Jazem (ـْـ).
Conto: يَضْرِبُ, أَنْ يَضْرِبَ, لَمْ يَضْرِبْ
Sumber: kitab Al-Ajurumiyyah (Syeh Ahmad Zaeni Dahlan) dan kitab Taswiqu al-Khalan (al-Hajj Muhammad Ma'sum ibn Syeh Salim al-Samarani)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar